Rabu, 02 Juni 2010

Budaya Sunda

Ditulis ku: Asep WS.
Bungbulang, 17 Maret 2007

dipublikasikeun di:
Perpustakaan SMPN 1 Bungbulang Kec. Bungbulang Kab.Garut










Gambar di akses dari:
http://www.google.co.id/search?hl=id&q=budaya+sunda+&btnG=Telusuri&meta=&aq=f&aqi=&aql=&oq=&gs_rfai=

PAROBAHAN BUDAYA SUNDA ALATAN MASARAKATNA
NU PAADU LAWUNG JEUNG PANGARUH LUAR


1. Bubuka

Basa Sunda mangrupa bagian anu kacida penting tina sabagian kabudayaan daerah. Antara basa jeung kabudayaan aya kaitan anu kacida raketna. Basa salaku wahana ngebrehkeun rasa, pikiran jeung kahayang masarakat panyaturna anu bisa ngawujudkeun kahirupan nu harmonis. Ngaliwatan basa daerah maranehna bisa ngalakukeun hubungan komunikasi. Ngaliwatan basa daerah oge, masarakat bisa terus tumuwuh sarta mekar pikeun ngahasilkeun karya-karyana.
Basa Sunda mangrupa wujud nyata ajen budaya anu positif, anu bisa dipiara, ditangtayungan, dimekarkeun, sarta dimangfaatkeun pikeun ngawujudkwun pribadi bangsa. Ngaliwatan basa manusa bisa mikir geusan ngawujudkeun budayana, sabab budaya mangrupa wujud tina pamikiran katut rasa anu diebrehkeun dina rengkak paripolah kahirupan sapopoe. Naon rupa hal anu dilakukeun jeung dilampahkeun teh jadi hiji kabiasaan atawa tradisi anu turun-tumurun ti generasi ka generasi sarta tumuwuh jadi hiji kabiasaan, dina hal ieu kabudayaan Sunda.
Wujud budi jeung daya pamikiran manusa bisa ngajangelek jadi rupa-rupa wujud budaya anu ngwengku: 1) naon-naon nu dipikirkeun; 2) naon-naon nu dilakukeun; jeung 3) naon-naon nu dihasilkeun.
Wujud budaya tina naon-naon nu dipikirkeun bisa mangrupa: sistim kepercayaan, elmu pangaweruh, ajen inajen, gagasan jeung kahayang. Wujud budaya tina naon-naon nu dilampahkeun bisa mangrupa: torekah pikeun ngajaga lumangsungna kahirupan, tarekah pikeun miara hubungan hade jeung sasama manusa, jeung gaya kahirupan. Wujud budaya nu patali jeung tarekah miara lumangsungna kahirupan bisa mangrupa: cara barangdahar, cara ngolah jeung nyimpen kadaharan, cara make jeung nyieun pakean, cara miara kasehatan, jeung sajabana.
Tumali jeung hal diluhur, ieu pedaran teh rek ngaguar perkara budaya Sunda, hususna ngenaan parobahan budaya Sunda. Parobahan dina budaya Sunda jaman ayeuna ngawengku sababaraha widang, upamana: tina basa, gaya kahirupan, budi pekerti, cara lumaku, wujud wangunan, pakakas jeung sajabana. Faktor anu ngabalukarkeun robahna budaya Sunda teh di antarana: 1) kuayana pangabutuh atawa kahayang masarakatna sorangan; 2) kuayana pangaruh ti luar masarakat Sunda; jeung 3) lantaran kahayang masarakatna anu adu lawung jeung pangaruh deungeun.
Tina tilu perkara anu ngabalukarkeun robahna budaya Sunda, pikeun ngawatesanan pedaran, penulis rek ngaguar nu katilu, nyaeta robahna budaya Sunda lantaran kahayang masarakat nu paadu lawung jeung pangaruh ti luar.
Hiji budaya teu bisa dipertahankeun utuh tur murni salawasna, dina hiji waktu pasti bakal aya robahna. Kitu deui budaya Sunda, dina jaman kiwari loba pisan wangun budaya Sunda anu robah ku alatan tilu perkara tadi. Pikeun leuwih ecesna dina bagian kadua ieu tulisan rek dipedar ngenaan robahna budaya Sunda anu dibalukarkeun ku salahsahiji faktor di luhur.

2. Robahna Budaya Sunda lantaran Kahayang Masarakat nu Meunang Pangaruh Luar.

Kahayang masarakat nu meunang pangaruh ti luar, mangrupa salahsahiji faktor nu ngalantarankeun robahna budaya Sunda. Hal eta teh balukar tina robahna pangaweruh, pangalaman, jeung wawasan ti eta masarakatna sorangan. Robahna pangaweruh jeung pangalaman eta masarakat teh ku alatan mindeng adu lawung jeung masarakat luar Sunda, boh di jero nagara sorangan boh jeung mancanagara.
Campurna masarakat Sunda jeung pangaruh luar teh dibalukarkeun ku sababaraha faktor, umpamana bae: 1) faktor neuleuman elmu pangaweruh; 2) faktor pangabutuh widang ekonomi; jeung 3) faktor widang sosial budaya, katut kaperluan sejena. Tina faktor-faktor eta teh bisa ngarobah jiwa jeung pamikiran manusa, anu enas-enasna bisa ngarobah kana rengkak paripolah dina kabiasaan sapopoena. Kuayana eta parobahan teh bisa ngabalukarkeun robahna budaya tea.
Robahna budaya ku alatan kahayang masarakat, aya anu mawa dampak positif aya oge nu mawa dampak negatif. Urang salaku sakeseler turunan Sunda, anu kudu ngamumule, ngariksa, jeung ngaronjatkeun pamor budaya Sunda kudu milih sikep nu hade. Urang teu perlu antipati ne kaleuleuwihi jeung sabalikna ulah simpati anu leuleuwihi deuih, lantaran pangaruh ti luar teh aya nu hade jeung aya nu goreng. Pangaruh nu hade perlu ku urang dijieun timbangan pikeun mekarkeun budaya Sunda, tapi poko budaya Sunda kudu tetep dijaga, ulah nepi ka jati kasilih ku jeunti. Budaya Sunda perlu dironjatkeun, sangkan bisa makalangan ti tingkat nasional atawa ti tingkat internasional. Maju mundurna budaya Sunda teu bisa leupas tina pangaruh dunya luar. Konci utama dina enggoning narima pangaruh ti luar teh nyaeta kudu boga filter nu hade pikeun nyaringna.
Ditilik tina pigur jalma nu boga karep hayang aya parobahan dumasar kana pamanggihna di dunya luar, aya dua katagori. Kahiji, ti kalangan masarakat intelek. Golongan nu ieu hayangna aya parobahan teh tinangtu dibareungan ku karep hayang ngaronjatkeun tur mekarkeun budaya Sunda sangkan tumuwuh jadi budaya nu luhur sarta boga ajen ti tingkat nasional atawa internasional. Sikap urang Sunda sawadina ngarojong kana pakarepan masarakat saperti kitu, sabab miboga tujuan hade enggoning ngaronjatkeun budaya Sunda.
Minangka conto pangaruh hade kana budaya nu dibawa ku masarakat intelek, umpamana dina budaya sastra, budaya tulis-tinulis, budaya ngulik pangarti jeung sajabana. Dina widang sastra, carita-carita buhun saperti dongeng, carita pondok jeung nu lianna, anu asalna mintonkeun tema-tema tradisional kuayana campur gaul jeung dunya luar kiwari ditingkatkeun kana tema-tema modern. Carita pondok jeung carita sejenna bisa dipake wahana pikeun ngasah elmu pangaweruh sarta media informasi widang tehnologi. Eusi carita bisa madungdengkeun masalah paelmuan dina jaman kiwari ku para palakuna. Sangkan eta carita jadi rame sarta dipikapogot ku anu macana, jelas kaparigelan pangarang diperlukeun geusan ngaworkeun paelmuan jeung daya hayal keur ngawangun carita anu imajinatif, sangkan anu maca utamana barudak beuki pogot dina maca atawa ngabandungan carita anu dibaca ku batur.
Dina ngolah kadaharan, upamana ngokolahkeun sampeu anu asalna cukup dibubuy atawa diseupan ayeuna diolah ku cara tehnologi modern jadi getuk lindri, putri noong jeng sajabana. Dina widang seni Sunda anu sifatna klasik jeung buhun, saperti ketuk tilu, jenaka Sunda ayeuna bisa dikolaborasikeun jadi pop Sunda, jaipongan jeung sajabana. Dina ngulik pangarti, anu asalna urang Sunda mah tradisina bengkung ngariung bongkok ngaronyok, teu werat mencarkeun anakna ka tempat anu jauh teh da kahayangna riung mungpulung sadudulur, kiwari eta tradisi teh geus robah. Masarakat Sunda teu sungkan deui ngencarkeun anakna boh awewe boh lalaki pikeun pisah jeung kulawarga, tong boro ukur di jero nagara dalah ka mancanagara oge bral teh teuing enggoning ngulik pangarti ngalap pangabisa mah. Eta kabiasaan teh perlu dirojong asal ulah mengpar tina tetekon, sarta tetep miara ciri mandiri nu sajati dasar kasundaan nu utama.
Kadua, ti golongan masarakat non intelektual. Golongan nu ieu mah kurang dasar pamilih dina enggoning narima pangaruh ti luar. Teu saeutik jaman kiwari mah nu ukur tamat sakola 6 taun, malah nu teu sakola oge bisa ngambah ka mancanagara. Tujuan utama maranehna nyaeta gesan ngarambah kahirupan dina widang ekonomi. Ti golongan masarakat nu ieu perlu ku urang diantisipasi, lantaran maranehna bakal gampang narima pangaruh ti luar kalayan teu make dasar pamilih. Naon nu katingali, kadenge, jeung karasa anu dianggap aheng bakal ditiru sarta mun balik sarakan asalna, eta pangaruh teh dibawa jadi oleh-oleh nu aneh. Masarakat nu kurang dasar atikan nempo nu aneh kitu teh gampang kabongroy, tur gancang tumerapna boh dina budi basa, rengkak paripolah, kabiasaan hirup jeung sajabana. Sawatara conto upamana tina tata cara campur gaul. Samemeh nampa pangaruh ti luar lamun silaturahmi jeung karabat atawa sobat cukup ngasongkeun dampal leungeun, sasalaman anu ilahar, tapi sabada narima pangaruh ti luar pan ayeuna mah make jeung kudu paadu pipi sagala dina waktu sasalaman teh. Eta kabiasaan teh geus tumerap dina budaya Sunda. Sajabana ti eta nu leuwih parah nyaeta dina kabiasaan poya-poya, pesta ria nu diwuwuhan ku nginum arak atawa bir. Eta kabiasaan teh geus ngaraksuk sumanding kana jiwa bangsa, hususna masarakat Sunda. Tah nu kitu mah teu perlu di tiru tur ditumuwuhkeun dina adat budaya Sunda, sabab bakal ngaleungitkeun kana budaya Sunda anu lemah lembut handap asor, hade basa jeung carita.
Tina dua golongan masarakat anu boga karep hayang ngarobah budaya teh, pikeun jalma anu masih nyaah tur toweksa kana budaya sorangan kudu bisa milih mana nu hade jeung mana nu goreng. Pangaruh nu hade nu baris nanjeurkeun jeung mekarkeun budaya, ku urang perlu ditarima. Ari nu matak ngaruksak tur ngancurkeun mah tong ditarima, singkahan we sing jauh.

3. Pamungkas

Tina pedaran di luhur, bisA dijieun sababaraha kaundekan. Kahiji, budaya bangsa, budaya daerah moal leupas tina pangaruh ti luar. Eta pangaruh teh aya nu hade jeung aya nu goreng. Pikeun ngungkulanana gumantung kana sikep jeung pribadina eta bangsa.
Kadua, aya dua golongan masarakat anu boga karep hayang ngarobah budaya, nyaeta golongan masarakat intelek jeung golongan masarakat non-intelek. Duanana boga potensi pikeun ngarobah budaya asalna.
Katilu, urang salaku sekeseler urang Sunda, sawadina miara tur ngariksa budaya sorangan, sangkan eta budaya teh bisa mekar tur miboga ajen di tingkat nasional atawa internasional.
Kaopat, urang kudu bisa boga filter atawa panyaring anu hade dina enggoning narima pangaruh tina budaya deungeun.
Mudah-mudahan ieu pedaran teh aya gunana jeung mangfaatna, husus pikeun nu nulis umumna pikeun masarakat Sunda nu mikarep tetep nanjeur jeung ngaronjatna budaya Sunda.
Neda tawakup tina kahilapan, kaalfaan atawa kurang loyogna ieu pedaran. Cag.




DAFTAR PUSTAKA
Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. (1985). Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Tarate.
Muchtar, R.H. Uton jeung Ki Umbara. (1987). Modana. Andung: PT Mangle Panglipur.
Nurjamin, A. (2007). Materi Perkuliahan: Perlukah Kita Memahami Budaya?
Rosidi,Ajip. (2007). Urang Sunda jeung Basa Sunda. Bandung: Kiblat-Cupumanik.
Yudibrata, K (1999). Rancangan akademik Penyempurnaan Perda Provinsi Jabar Nomor 6/1996 Tentang Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah. Bandung:UPI

Selayang Pandang SMP 1 Bungbulang

Visi, Misi, dan Tujuan SMP 1 Bungbulang

1. Visi

Terwujudnya Insan yang Cerdas, Terampil dan Akhlakul Kharimah”

Visi tersebut mencerminkan profil dan cita-cita sekolah yang:
a. Berorientasi ke masa yang akan datang dengan memperhatikan potensi masa kini.
b. Sesuai dengan norma dan harapan masyarakat sekitar.
c. Ingin mencapai keunggulan dalam berbagai bidang.
d. Mendorong semangat dan komitmen seluruh warga sekolah.
e. Mendorong adanya perubahan kearah yang lebih baik.
f. Mengarahkan langkah – langkah strategis / misi sekolah.

Untuk mencapai visi tersebut, perlu dibuat suatu misi berupa kegiatan jangka panjang dengan arah yang jelas.

2. Misi

Untuk mewujudkan visi yang telah kami buat maka kami rumuskan misi SMPN 1 Bungbulang sebagai berikut:

1. Mewujudkan nilai-nilai kedisiplinan, keteladan dan akhlakul karimah dalam kehidupan sekolah.
2. Mencetak lulusan yang cerdas dan terampil serta memiliki keunggulan dalam bidang akademis maupun non akademis.
3. Mewujudkan lingkungann sekolah yang kondusif untuk kegiatan pembelajaran aktif, kreatif dan menyenangkan.

Misi diatas selanjutnya kami uraikan menjadi tujuan-tujuan yang lebih rinci dan lebih jelas pada bagian berikutnya.

3. Tujuan SMPN 1 Bungbulang

Tujuan SMP Negeri 1 Bungbulang yang kami rumuskan mengacu pada tujuan umum pendidikan nasional. Adapun tujuan SMP Negeri 1 Bungbulang yang merupakan penjabaran lebih lanjut dari visi dan misi yang telah kami rumuskan di atas yakni sebagai berikut:
1. Meningkatkan kesadaran pada warga sekolah akan tanggung jawabnya sesuai dengan tugas pokok dan fungsinya.
2. Meningkatkan perolehan nilai akademis dan prestasi non akademis siswa dari tahun ketahun.
3. Menciptakan lingkungan sekolah yang aman, nyaman, dan asri sebagai lingkungan komunitas pembelajaran.
4. Membudayakan perilaku yang sesuai dengan akhlakul karimah, tata tertib sekolah, dan norma – norma masyarakat.
5. Meningkatkan kepercayaan masyarakat terhadap sekolah dengan menghasilkan lulusan yang berkualitas dalam bidang akademis dan non akademis.